Minggu, 11 Maret 2012

U

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"


* Arti dalam bahasa indonesia

Uyah mah tara tees ka luhur

--Sifat baik maupun jelek orang tua akan menurun kepada anaknya
* Arti dalam bahasa sunda
Ulah beunghar memeh boga
-- ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung
--Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
Ulah cara ka malati kudu cara ka picung
-- Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
Ulah kabawa ku sakaba-kaba
-- ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
Ulah muragkeun duwegan ti luhur
--  masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
Ulah pangkat memeh jeneng
--  Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
Ulah tiis tiis jahe
-- kudu iatna, kudu cingceung.
Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan
--Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
Uncal tara ridu ku tanduk
-- Duduluran karumpul kabeh.
Uyah tara tees kaluhur
--Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!