Minggu, 11 Maret 2012

S

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"

S
* Arti dalam bahasa sunda
Sabobot sapihanean
-- Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
Sabuni buni anu ngising
-- sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
Sagalak galakna macan taru nyatu anakna
-- sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
Sagolek pangkek sacangreud pageuh
--Hanteu cidra kana jangji.
Saherang herangna cai beas
--Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur
-- Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
Sakecap kadua gobang
--Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
Sakiriciking duit sakocopoking bogo
-- Naon bae anu matak narik kana hate urang.
Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu
-- Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
Sangsara di geusan betah
-- Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
Sapu nyere pegat simpay
--Paturay papisahan.
Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan
--  Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
Satengah buah leunca
-- Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
Saumur nyunyuhun hulu
--Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
Saungkab peundeuy
-- Omongan anu pondok tur kurang manis.
Sengserang padung
-- Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
Sentak badakeun
-- teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
Sereg di panto logor di liang jarum
--nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
Sereg dibuana logor diliang jarum
-- Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
Seukeut ambeu seukeut deuleu
--loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
Seukeut tambang manan gobang
-- Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
Seuneu hurung cai caah
-- Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
Seuneu hurung dipancaran
--Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
Seuseut batan neureuy keueus
-- Hese pisan.
Sibanyo laleur
--Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
Sirung ngaliwatan tunggul
--Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
Sosoroh ngadon kojor
--Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!