Minggu, 11 Maret 2012

K

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"

* Arti dalam bahasaIndonesia
Kakoncara kamana-mana, ka jamparing angin-angin
-- Sudah sangat terkenal
Kagunturan madu, kaurugan menyan putih
-- Bahagia sekali


Katarik ati kagendang asmara
-- Jatuh cinta
Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak
-- Selalu bersama

Kurung Batokeun
--Orang yang tidak pernah bergaul dengan orang lain.

Kumeok memeh dipacok  

--Sikap penakut, tidak berani mengambil resiko; atau yang sudah merasa 'kalah sebelum bertempur'.

* Arti dalam bahasa sunda
Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran
--  Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara
--Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
Kaciwit kulit kabawa daging
--Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
Kahieuman bangkong
-- Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
Kai teu kalis ku angin
-- Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait
--Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung
--Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
Kalapa bijil ti cungap
-- Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
Kandel kulit beungeut
--euweuh caerá.
Katempuhan buntut maung
--Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
Katumbukan catur kadatangan carita
-- Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
Kawas anjing kadempet lincar
--Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
Kawas budak rodek hulu
-- Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
Kawas cucurut kaibunan
--Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
Kawas hayam keur endogan
-- cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
Kawas hayam panyambungan
--Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
Kawas kacang ninggang kajang
--Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
Kawas kuda leupas ti gedogan
-- Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
Kawas lauk asup kana bubu
-- Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
Kawas lauk asup kana bubu
-- gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
Kawas nu mulangkeun panyiraman
-- Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
Kawas siraru jadi
-- Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
Kawas wayang pangsisina
-- Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
Kejo asak angeun datang
-- Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
Keur meujeuhna bilatung dulang
-- Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita
-- Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
Keur nuju bentang surem
--  keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
Kiceupna sabedug sakali
-- Pohara lungguhna.
Kiruh ti girang kiruh ka hilir
-- Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran
-- Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam
--Kacida miskina.
Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan
-- Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Kudu bisa ngeureut neundeun
--Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
Kudu boga pikir kadua leutik
-- Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
Kujang dua pangadekna
--Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
Kulak canggeum bagja awak
-- Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
Kumaha bule hideungna bae
-- Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
Kumaha kejebur caina geletuk batuna
-- kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
Kunang kunang nerus bumi
-- Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
Kuru cileuh kentel peujit
-- Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
Kurung batok
-- teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!