Minggu, 11 Maret 2012

A

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"
 A
*Arti dalam bahasa Indonesia

Adam lali tapel 

--Lupa kepada sanak saudara , lupa pada kampung halaman.

Adat kakurung ku iga

--Sikap jelek yang dimiliki seseorang yang sangat sulit untuk menghilangkannya

Adigung adiguna

--merasa tidak terkalahkan 

--Sikap sombong,merasa tidak terkalahkan

Agul ku Payung Butut

--sombong dengan ketidak mampuannya sendiri: sombong dengan ketidakmampuannya sendiri.

Aki aki tujuh mulud

--Lelaki yang sudah sangat tua.
Istilah ini dipergunakan untuk pria yangn sudah berumur 70 tahun dalam perhitungan tahun hijriyah. Perhitunganny adalh, Rosulullah SAW wafat pada usia 63 tahun. Orang yang usianya lebih panjang dari rosulullah, dan melalui 7 kali bulan maulud artinya 7 tahun sehingga usianya mencapai 70 tahun.


*Arti dalam bahasa sunda
Abong lètah teu tulangan
--Sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun batur
Adam lali lapel

--Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai
Adat ka kurung ku iga

--Adat tèh hèsè digantina. /Lampah gorèng hèsè leungitna.
Adèan ku kuda beureum
--Beunghar ku barang tititpan atawa ginding ku pakèan batur. /Ginding ku pakèan meunang nginjeum.
Adigung-adiguna
--Gedè hulu, boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku-lampahna jeung omonganna. Takabur, sombong
Agul ku payung butut
--Agul ku turunan
Ajak Jawa
--Ngajak anu heunteu saenyana, heunteu terus jeung hatè, ngan ukur papas baè, supaya ngeunaheun batur.
Akal koja
--Pinter dina kagorèngan atawa kajahatan
Aki-aki tujuh mulud

--Lalaki nu geus kolot pisan
Aku panggung
--Darèhdèh jeung mèrè mawèh, ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna jst.
Aku-aku angga

--Ngaku ngaran batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan, mamrih kahormatan atawa kauntungna
Alak paul
--Tempat anu lain di kieuna, ngenaan jauhna jeung pisusaheunna. /Jauh pisan.
Alak-alak cumampaka

--Resep jeung hayang dipuji ku batur, boga rasa pangpunjulna. Atawa anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia dst.
Alus panggung(alus alur) = alus laur, hadè omè
--Tegep dedeg pangadegna
Ambek nyedek, tanaga midek
--Ari napsu pohara gedèna, ngan hanjakal teu kaanteur ku tanaga, ma’lum geus ropoh/ Napsu gedè tapi tanaga euweuh.
Ambekna sakulit bawang

--Gampang pisan ambek
Amis budi

--Hadè paroman
Amis daging

---Babari katerap panyakit
Anak emas

--Budak atawa kolot nu kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung bapana baè, bisa ogè ku dununganna.
Anak merak kukuncungan

--Turunan anu hadé laku lampahna, luhur budina, galibna sok hadé deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna baé.
Anak merak kukuncungan
--Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadèan, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Anak puputon
--Anak nu kacida di dama-damana, nu pohara di pikanyaahnya
Anjing ngagogogan kalong
--Mikahayang nu lain-lain, anu pamohalan pilaksanaeun. /Mikahayang no moal bakal kasorang
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna
--Naon baé anu mere hasil ka urang kudu diurus bener-bener. /Mikahayang nu lain-lain.
Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan
--Mupuas ka nu keur cilaka
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed

--Ari umur geus luhur, tapi hate ngongoraeun kènèh. /Ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora.
Asa dijual payu
--Ngungun duméh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung ti bapa. /Nunggelis euweuh batur, ditinggalkeun.
Asa ditonjok congcot
--Meunang kabungah anu gedè, anu saenyana teu diarep-arep. /Ngarasa bungah pisan.
Asa ditumbu umur
--Boga rasa kahutang budi nu pohara gedéna, sabab kacida tumarimana ditulungan keur waku nandangan lara atawa meunang karerepet anu gedé.
Asa nanggeuy endog beubeureumna

--Kacida nyaahna
Asa nyanghulu ka jarian
--Ngawula ka nu sahandapeun umur, pangarti atawa pangalamanana.
Asa potong leungeun katuhu
--Leungiteun jalma anu pohara hadè gawena
Asa teu beungeutan
--Awahing ku èra.
Asa tungkeb bumi alam
--Rarasaan jelema anu pohara bingungna, nuju poèk mongklèng pipikiranna
Asa rawing daun ceuli
--Teu ngeunah hate ku lantaran remen pisan ngadéngé omongan batur anu matak teu ngeunah.
Asak warah
--Cukup atikan (didikan). Cirina, henteu dusun; basa jeung paripolahna merenah euweuh nu salah.
Atah anjang
--Langka silih anjangan
Atah warah
--Kurang atikan (didikan). Cirina, dusun; basa jeung paripolahna loba nu salah.
Ati mungkir, beungeut nyanghareup
--Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga nyaan, tapi henteu jeung saterusna.
Ati putih, badan bodas
--Beresih haté, teu aya geuneuk-maleukmeuk
Awak sabeulah
--Teu rimbitan, mun ninggang di awéwé teu boga salaki, mun ninggang di lalaki teu boga pamajikan
Awak sampayaneun
--Maké pakéan nu kumaha ogé, katénjo pantes atawa lucu bae.
Awak satilas
--Jangkung lenjang
Awèwè dulang tinandè
--Awèwè nurutkeun kumaha salaki
Aya astana sajengkal
--anu mustahil ogè bisa kajadian. Upamana, budak leutik kènèh geus maot, sabab sasarina mah nu geus kolot pisan anu maot tèh jst.
Aya bagja teu daulat
--Arèk meunang bagja atawa kauntungan, tapi teu tulus
Aya di sihung maung
--Kulantaran loba kawawuh gegedéan, dina aya karerepet atawa kaperluan anu penting téh, gampang naker meunangna pitulung.
Aya jalan komo meuntas
--Aya kahayang, tambah aya nu ngajak. /Aya lantaran anu diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna. /Aya pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang. /Eukeur mah aya maksud, turug-turug aya pilantaraneunana
Aya jurig numpak kuda
--Aya milik nu teu disangka-sangka
Aya peurah
--Aya komara, aya harga, aya pangaji
Aya pikir kadua leutik
--Aya kahayang
Aya réngkolna
--Aya tulisanna
Ayakan tara meunang kancra
--Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana
Ayem tengtrem

--Tenang taya kasieun

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!