Minggu, 11 Maret 2012

L

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"
L
* Arti dalam bahasa sunda
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda
-- arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra
-- Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
Landung kandungan laer aisan
--
Gede timbanganana, gede pa--ngampurana.
Langsung saur bahe carek
-- Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan
--pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Legok tapak genteng kadek
-- Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
Leubeut buah hejo daun
-- Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
Leuleus jeujeur liat tali
-- pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
Leunggeuh cau beuleum
-- Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
Leutik burih
--  euweuh kawani.
Leutik cahak, gede cohok
-- Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
Leutik leutik ngagalatik
--  Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
Leutik ringkang gede bugang
--  Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet
--Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
Lieuk euweuh ragap taya
--  Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
Loba teuing jaksa
--loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
Lodong kosong ngelentrung
-- Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
Luhur kuta gede dunya
-- Gagah tur beunghar taya kakurang.
Luncat mulang
-- Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
Lungguh tutut
-- Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!