Minggu, 11 Maret 2012

C

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"

* Arti dalam bahasa indonesia
Cunduk waktu nu rahayu, niggang mangsa nu sampurna, niti wanci nu mustari
-- Tepat pada waktunya
Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket
-- Waspada

Cikaracak ninggang batu laun laun jadi dekok

--Usaha yang dilakukan secara terus menerus, lama-kelamaan pasti akan membuahkan hasil.
* Arti dalam bahasa sunda
Caang bulan dadamaran
--migawe nu kurang mangpaat.
Cacag nangkaeun
-- Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.
Cangkir emas eusi delan
--omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
Cara bueuk meunang mabuk
--ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
Cara gaang katincak
-- anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
Cara jogjog mondok
--  carekcok bae, mani gandeng nacer.
Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung
--Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
Cecendet mande kiara
--Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Ceuli lentaheun
-- Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
Cicing dina sihung maung
--Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok
-- Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung
--  Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
Ciri sabumi cara sadesa
--  beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
Clik putih clak herang
--  Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna
-- Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!