Minggu, 11 Maret 2012

T

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"
T
* Arti dalam bahasa sunda
Tamiang meulit ka bitis
-- Malindes ka diri sorangan.
Tamplok batokeun
-- Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
Taya halodo panyadapan
-- taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).
Teng anak teng, anak merak kukuncungan
--  sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Teu aya sarebuk samerang nyamu
--Teu aya saeutik eutik acan.
Teu beunang dikoet kunu keked
--Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
Teu boga pikir rangkepan
--  Teu boga curiga saeutik eutik acan.
Teu busik bulu salambar
--teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
Teu cari ka Batawi tapi ka salaki
--hakan pake hayang ti salaki.
Teu diambeuan
--  teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
Teu didingding kelir
--teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
Teu dipiceun sasieur
-- Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
Teu ditari teu ditakon
-- Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
Teu gugur teu angina
-- Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah
-- Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
Teu mais teu meuleum
--teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
-- ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata
--Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
Teu nyaho di alip bingkeng
--bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
Teu puguh alang ujurna
-- teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang
-- Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan
--Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal
--Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban
-- Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
Tiis ceuli herang mata
-- ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
Tikoro andon peso
-- ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
Tinggar kalongeun
-- Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
Tipu keling ragaji Inggris
-- pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
Titip diri sangsang badan
--Mihapekeun maneh.
Titirah ngadon kanceuh
--sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh
-- nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
Tugur tundang cuntang gantang
-- Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
Tunggul dirarud catang dirumpak
--Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
Tunggul sirungan, catang supaan
--Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan
-- junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!