Minggu, 11 Maret 2012

B

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"

B
* Arti dalam bahasa sunda
Baleg tampele
--ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
Bali geusan ngajadi
--tempat dilahirkeun.
Balung kulit kotok meuting
-- teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan
--beak karep ku rido jeung beresih hate.
Banda tatalang raga
-- lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
Belang bayah gindi pikir
-- boga pikiran goreng ka papada kawula.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
--babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
Beurat birit
--hese jeung sungkan dititah.
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana
--pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
Beureum paneureuy
--seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
Beuteung anjingeun
--ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya turus bengkung
--Bisi salah pokpokanana.
Biwir nyiru rombengeun
--resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
Biwir nyiru rombengeun
-- Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah
-- henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
Bluk nyuuh blak nangkarak
--Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Bobo sapanon carang sapakan
--aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
Bobor karahayuan
-- henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
Bonteng ngalawan kadu
--nu leutik ngalawan nu gede.
Buburuh nyatu diupah beas
--nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah
-- Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
Buluan belut, jangjangan oray
--pamohalan kajadian.
Bungbulang tunda / tunda talatah
--lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
Buntut kasiran
-- koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang
-- ginding, loba pakean anu aralus dipake.
Buruk buruk papan jati
-- ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!