Minggu, 11 Maret 2012

M

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"

M
* Arti dalam bahasa indonesia
Maung ngamuk gajah meta
-- Ada kerusuhan atau kekacauan

Mata duiteun

--Orang yang hanya memikirkan harta benda tanpa memikirkan sesama

Mihapekeun beuteung

--Orang yang memanfaatkan situasi untuk kepentingan pribadi terhadap orang lain
* Arti dalam bahasa sunda
Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung
-- Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
Maliding sanak
-- Henteu adil, pilih kasih.
Mangpengkeun kuya ka leuwi
--  Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
Mapay ka puhu leungeun
-- Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
Marebutkeun paisan kosong
--Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
Maut nyere ka congona
--  Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
Melengkung bekas inhalan
--Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
Mere langgir kalieun
-- Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra
-- kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
Meungpeun carang ku ayakan
-- Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
Meungpeung teugeu harianeun
--  Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
Miceun batok meunang coet
-- Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
Mindingan beungeut ku saweuy
--  ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
Mipit teu amit ngala teu menta
--Maling boga batur.
Miyuni hayam kabiri
-- Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
Moal ceurik menta eusi
-- Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
Moal neangan jurig teu kadeuleu
-- arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
Mobok manggih gorowong
-- Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
Mobok manggih gorowong
-- meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
Monyet kapalingan jagong
--  Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
Mopo memeh nanggung
-- Hoream, teu sanggup samemeh prak.
Mun teu ngakal moal ngakeul
-- mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih
--  Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan
--Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/panyabaan.
Mupugkeun tai kanjut
-- Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!