Minggu, 11 Maret 2012

N

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"
N
* Arti dalam bahasa indonesia

Nete Semplek nincak Semplak

--Apapun yang dilakukannya selalu salah.

Ngarawu ku Siku

--Menginginkan sesuatu yang diluar kemampuannya.
* Arti dalam bahasa sunda
Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
-- usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).
Ngadu angklung di pasar
-- papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
Ngadu ngadu rajawisuna
-- mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
Naheun bubu pahareup hareup
-- dina pangabutuh silih injeuman duit.
Nangkeup mawa eunyeuh
--mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
Nangtung kariung ngadeg karageman
--Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
Nepak cai malar ceret
-- Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
Nepakeun jurig pateuh
-- Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
Nete porot ngeumbing lesot
-- Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
Nete semplek nincak semplak
-- Kieu salah kitu salah.
Nete semplek nincak semplak
-- Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
Nete taraje, nincak hambalan
-- Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
Neukteuk curuk dina pingping
--  Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun
--Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
Neundeun piheuleut nunda picela
-- Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
Ngabudi ucing
-- teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
Ngadagoan kuah beukah
-- Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
Ngadagoan uncal mabal
--Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
Ngadaweung ngabangbang areuy
--pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
Ngadek sacekna, nilas saplasna
-- Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
Ngadeupaan lincar
-- ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
Ngagandong kejo susah nyatu
-- loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
Ngagedag bari mulungan
-- Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
Ngaliarkeun taleus ateul
--ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
Ngaliarkeun taleus ateul
-- Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
Ngarep ngarep bentang ragrag
--Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
Ngarep ngarep kalangkang heulang Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam
--ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri
--Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngeupeul ngahuapan maneh
-- Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
Nginjing sila, bengkok sembah
-- goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna
-- sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
Ngodok liang jero
--  Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
Ngukur ka kujur nimbang ka awak Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak
--Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
Ngusap birit
-- bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
Nimu luang tinu burang
--Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
Nincak parahu dua
--Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
Ninggang kana kekecrekna
--  Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan
-- Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
Noong ka kolong
-- Leutik hate, leutik pangharepan.
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha
-- nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan
-- nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan
--Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan
-- ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang
-- Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
Nuju hirup ninggang wirahma
-- Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
Nulungan anjing kadempet
-- nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
Nya di hurang nya dikeuyeup
-- Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
Nya ngagogog nya mantog
-- Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
Nya picung nya hulu maung
--Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah
-- nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
Nyair hurang meunang kancra
--Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
Nyaliksik ka buuk leutik
-- Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
Nyalindung ka gelung
--Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang
-- Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
Nyanghulu ka jarian
--Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
Nyeri beuheung sosonggeteun
--Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
Nyeungeut damar di suhunan
--mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
Nyeungseurikeun upih ragrag
-- Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
Nyiar batuk piaraheun
--Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
Nyicikeun cai, murulukeun lebu
--turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
Nyieun catur taya dapur
-- nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
Nyieun heuleur jeroeun huma
--Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
Nyieun pucuk ti girang
-- pangheulana neangan piaseaeun.
Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait
-- Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
Nyiuk cai ku ayakan
-- Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
Nyium bari ngegel
-- Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Nyokot lesot ngeumbing porot
--Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
Nyolok mata buncelik
-- nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
Nyuhun nanggung ngelek ngegel
-- Rebo pisan, babawaanana loba naker.
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju
-- Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan
-- Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!