Minggu, 11 Maret 2012

P

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"
P
* Arti dalam bahasa sunda
Paanteur-anteur julang
--silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
Pacikrak ngalawan merak
-- Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
Pada rubak sisi samping
-- Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
Pagirang girang tampian
-- Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
Paheuyeuk heuyeuk leungeun
--Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
Pait daging pahang tulang
--Arang gering.
Pait daging pahang tulang
--cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
Pakotrek iteuk
--  Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
Paluhur luhur diuk
-- pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
Panday tara bogaeun bedog
-- Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
Papadon los ka kolong
--Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
Peureum kadeuleu beunta karasa
-- Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir
-- mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
Pindah cai pindah tampian
--Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
Pinter aling laing bodo
-- Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak
--  Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
Piruruhan katengahimahkeun
-- Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
Pupulur memeh mantun
--  Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging
-- Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
Puraga tamba kadengda
--  Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!