Minggu, 11 Maret 2012

H

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"

* Arti dalam bahasa sunda
Hade gogog hade tagog
-- Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
Hade ku omong goreng ku omong
--Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe
-- Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
Hambur bacot murah congcot
-- Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
Hampang birit
-- gampang jeung daekan dititah.
Hanteu gedag bulu salambar
-- Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
Hapa hapa ge ranggeuyan
-- Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
Hapa hapa ge ranggeuyan
--Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
Harewos bojong
--Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
Haripeut ku teuteureuyeun
-- Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
Harus omong batan goong
-- Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
Hayang untung jadi buntung
--teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
Hejo tihang
--Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
Herang caina beunang laukna
--  Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
Herang caina beunang laukna
--Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang
--Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
Heueuh heueuh bueuk
--Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
Heurin ku letah
--Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.
Hirup ku panyukup gede ku pamere
-- Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
Hirup nuhun paeh dirampes
--Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja
-- Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
Hulu dugul dihihidan
--Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
Hunyur nandean gunung
-- Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
Hurung nangtung siang leumpang
--Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!