Minggu, 11 Maret 2012

J

Keterangan:"--" =arti pribahasa tersebut
                  pribahasa berada di atas tanda "--"

* Arti dalam bahasa sunda
Jabung tumalapung sabda tumapalang
-- milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
Jadi maung malang
--jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
Jadi sabiwir hiji
--jadi carita jalma loba.
Jadi senen kalemekan
--mindeng dicaritakeun batur.
Jaman cacing dua saduit
--jaman baheula pisan.
Jati kasilih ku junti
-- pribumi kaeehkeun ku urang asing.
Jauh jauh panjang gagang
--hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
Jauh ka bedug anggang ka dayeuh
--dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
Jauh ka bedug
--dusun,bodo, euweuh kanyaho.
Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana
--  unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
Jegjeg ceker
--cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
Jejer pasar
--lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
Jeung leweh mah mending waleh
--leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
Jogjog neureuy buah loa
--  mikarep ka anu lain babad.
Jogjog neureuy buah loa
-- Milampah anu moal pihasileun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!