Minggu, 11 Maret 2012

D

D
* Arti dalam bahasa sunda
Daek macok embung dipacok
-- daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
Dagang oncom rancatan emas
--ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
Dah bawang dah kapas
-- tah barangna tah duitna.
Daluang katinggang mangsi
-- Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug
-- pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
Deukeut deukeut anak taleus
--  ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
Dihin pinasti, anyar pinanggih
-- baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban
--Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
Dipiamis buah gintung
--Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
Dipiamis buah gintung
--disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
Disakompet daunkeun, dihurun suluh
-- dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapas
--i Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup
-- lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
Dogdog pangrewong
--  bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur
--  ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
Dosa salaput hulu
--  kacida loba dosana.
Dulang tinande
--awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
Duum tinggi
--ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

berkomentarlah dengan bahasa yang spoan,baik<padat<&mudah dimengerti!!!